Tuesday, May 28, 2013

Upacara Sawer Panganten Sunda

Dina acara perkawinan adat Sunda anu masih keneh  ngagem kana adat istiadat sepuh seueur pisan lalakonana.
Tina mulai acara nyambut tamu dugi ka acara silengseren dina acara adat istiadat urang Sunda pasti sok dilaksanakeun.


Salain ti eta nu pasti mah acara nincak endog dugi ka parebut bakakak panganten sok bari di tambihan sempal guyon pastina sok tambah rame suasanana.



Dina nomer kahiji mah meureun pamikir sim mamang  matak diayakeun acara kikituan oge kanggo panganten ku kolot urang baheula, supaya nyairkeun suasana panganten anu tegang sareung degdegan, jadi karaosna suasana na teu pahibut teuing.

 Dina sakalian acara kitu aya hiji acara anu sok kadang kadang bareubeu isin manah ngadangu na komo ku anu masih bujangan mah nyaeta acara Upacara Sawer panganten Sunda.

Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali
Nyambung ka bala rea
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan

Seni sunda sawer asli
Neda agung cukup lumur
Neda jembar pangaksami

Bilih aya kalepatan
Wireh ayeuna sim kuring
Nyawer anu pangantenan
Nyanggakeun mugi ditampi

====================


Sawer panganten nyaeta acara nasihat ti kolot kanggo ka urang, terutama mah kanggo panganten anu di sampaikeun ku Sinden, eusina ti mulai kawajiban suami istri dugi ka masalah ngagayung bahtera rumah tangga…

Tapi dina sakalian bab eta anu paling sok di tempal ku hadirin upami tos mulai ngabahas masalah kawajiban suami istri dina ing goning numpahkeun rasa ka tresna. Eta sawer panganten jadi tambah rame eak eakan, salah sahiji syair anu ku sim mamang masih di emut dugi ka ayeuna yaeta…

Omat Nyai ulah reuwas
Mun mendak nu heuras heuras..
Gedena sageude Buras
Mun kaluar  jiga cibeas….

Syair anu di luhur kumamang di tulis teh eusina ngeunaan malam pertama, pelajaran kanggo panganten istri supaya tong reuwas sareung sieun nyanghareupana.
Tapi upami di tinggal ku jaman ayeuna mah jiga nateh isi sawer panganten teh tos ketinggalan jamankumargi masalah sex sanes hiji masalah tabu, tapi tos jadi hal biasa anu tiasa di konsumsi iraha wae.
Bahkan upami urang muka internet oge seuseur na mah bab sex anu paling di taringgal ku barudak teh.
Tapi sabada ti eta tetep sawer panganten anu isina pinuh ku pelajaran tetep kudu di lestarikeun sareung hiji kabanggan urang Sunda pada umumna dina ngalestarikeun titinggal kabudayaan kolot baheula.

Hatur nuhun…hapunten ka sobat- sabit, mamang nganggo bahasa Sunda dina ieu tulisan kumargi mamang teh hoyong weh " sapertos dina majalah mangle hehehe".

Dan Kepada yang tidak mengerti bahasa Sunda pun mamang minta maaf juga kalau tulisan dengan menggunakan bahasa Sunda tidak berkenan di hati sobat semua…

No comments:

Post a Comment